ANGEN- ANGEN JALMA ANU TOS MAOT
اَلْحَمْدُ لله نَحْمَدُهُ وَ نَسْتَعِيْنُهُ وَ نَسْتَغْفِرُهُ وَ نَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَسَيِّئَاتِ أَعْمَاِلنَا مَنْ يَهْدِ اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَ مَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ أَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ وَ أَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَ رَسُوْلُه اَللَّهُمَّ صَلِّ وَ سَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَ عَلىَ اَلِهِ وَ أَصْحَابِهِ وَ مَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ
أَمَّا بَعْدُ اَمَّا بَعْدُ فَيَا اَ يُّهَاالنَّاسُ اِتَّقُوااللهَ . وَذَرُوْا الْفَوَاحِشَ مَاظَهَرَ مِنْهَا وَ مَابَطَنْ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ :كُلُّ نَفْسٍ ذَائِقَةُ الْمَوْتِ وَإِنَّمَا تُوَفَّوْنَ أُجُورَكُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ فَمَنْ زُحْزِحَ عَنِ النَّارِ وَأُدْخِلَ الْجَنَّةَ فَقَدْ فَازَ وَمَا الْحَيَاةُ الدُّنْيَا إِلَّا مَتَاعُ الْغُرُورِ
“ Sakur anu nyawaan mah bakal ngalaman maot. Wawales ka aranjeun ngan ukur baris dicumponan dina poe kiamat. Ku sabab eta, sing saha anu disingkahkeun tina seuneu naraka sarta diasupkeun ka sawarga, maka eta teh jalma anu untung. Kahirupan dunya mah taya lian ngan kasenangan palsu “. { QS. Ali Imran: 185}
Hadirin Ahli Jumah, Rahimakumullah !.
Taqwa mangrupikeun bekel anu paling utama keur urang dimana nalika urang dipanggil menghadap ka Allah WT. Ku kituna dina kasempatan anu masih dipaparinkeun ieu, urang kedah ngamangpaatkeun
Maot perkara anu pasti kajadian ka satiap makhluk hirup, termasuk urang sadayana salaku manusa, pasti bakal ngasaan anu ngaranna maot. Jeung henteu aya jalma anu uninga iraha manehanana bakal maot, dimana manehna bakal maot, jeung dina kaayaan kumaha manehna bakal maot. Maot teh salah sahiji perjalanan anu bakal kaalaman ku satiap manusa menuju kana kahirupan anu langgeng abadi nyaeta aherat. Di nagri aherat eta Allah bakal nyampurnakeun amal perbuatan satiap manusa salami hirup di dunia ayeuna. Pidawuh Gusti Allah SWT :
وَنَضَعُ الْمَوَازِينَ الْقِسْطَ لِيَوْمِ الْقِيَامَةِ فَلَا تُظْلَمُ نَفْسٌ شَيْئًا قلى وَإِنْ كَانَ مِثْقَالَ حَبَّةٍ مِنْ خَرْدَلٍ أَتَيْنَا بِهَا قلى وَكَفَىٰ بِنَا حَاسِبِينَ
“ Jeung Kami baris ngayakeun bobot-pangayon anu adil dina poe kiyamat. Ku kituna moal aya jiwa anu dikaniaya saeutik oge jeung upama aya amalna najan sagede siki sasawi tanwande baris ditembongkeun ku kami, lantaran cukup Kami anu ngabalitungkeun
(QS. Al Anbiya: 47)
Dimana-mana manusa tos dicabut nyawana ku Gusti Allah, numutkeun keterangan anu aya dina Al-Qur`an sareng Hadits Kanjeng Nabi Muhammad SAW ternyata rupa-rupa angen-angenna atanapi kahayang manusa, diantarana nyaeta :
Kahiji, Anu miharep dihirupkeun deui ka dunya hayang nambalan kataledoran ibadah sareng amal soleh anu baheula tinggaleun, tapi kahayangna ditolak.
رَبِّ ارْجِعُونِ . لَعَلِّي أَعْمَلُ صَالِحًا فِيمَا تَرَكْتُ كَلَّا
" Gusti ! pulangkeun abdi{ka dunya}. Supaya abdi tiasa ngalampahkeun amal soleh dina perkawis anu ku abdi dibaekeun". Gusti Allah ngawaler: " Moal bisa !". {QS. Al-Mu`minun: 99-100}
Kadua, angen-angenna jalma iman anu soleh nyaeta, anjeunna hoyong geura-geura pisan dibawa ka kuburanana, kusabab manehna ningali kana kanikmatan anu ditembongkeun ka satiap jalma shaleh saatos maotna. Sabalikna jalma kafir mah ngajerit embungeun dibawa ka kuburan, menta dipulangkeun deui. { Tanbihul Ghafilin, kaca 13 }
Katilu, nyaeta jalma-jalma anu tos maot nyuhunkeun ka Allah miharep supaya kiamat digancangkeun, sabalikna jalma kafir mah miharep kiyamat ulah kajadian. { Tanbihul Ghafilin, kaca 12 }
Kaopat, nyaeta angen-angen jalma anu maot syahid miharep dihirupkeun deui supaya kabunuh deui. { Tanbihul Ghafiliin, kaca 180 }.
Kalima, hayangeung mun baheula teh jadi taneuh, sabab moal mayunan balitungan.
وَ يَقُوْلُ الْكَافِرُ يَالَيْتَنِيْ كُنْتُ تُرَابًا
“ Jeung jalma kafir baris lumengis : ‘ Hayang teuing kaula jadi taneuh ‘.{ QS. An-Naba`, ayat 40 }.
Kagenep, Embung dihirupkeun deui sabab ngaraoskeun nyerina sakarat maot, najan mun kadunya deui dibere harta saeusi dunya. { Tanbihul Ghafiliin, kaca 180 }.
Katujuh, miharep maot teh tungtung kahirupan, ulah aya kahirupan di akherat sabab maranehna arek jadi pangeusi naraka.
يَا لَيْتَهَا كَانَتِ الْقَاضِيَهَ
“ Duh, mun seug { pati } teh jadi pamungkas “.{ QS. Al-Haqqoh, ayat 27 }.
Hadirin Rahimakumullah !.
Eta diantara rupa-rupa kaayaan jeung angen-angen jalma anu tos maraot. Kira-kira kumaha angen-angen urang lamun engke tos maot ?. Urang salaku manusa anu rumasa lalai dina ibadah, rumasa lemah dina iman, rumasa seueur kakurangan kataledoran dina taqwa ka Allah, ngan saukur miharep, muga-muga Allah ngahampuran kana sagala rupa dosa jeung kasalahan urang, kalemahan-kalem
Tidak ada komentar:
Posting Komentar